Lompat ke konten

Ceramah Bulan Rajab Bahasa Sunda

Alhamdulillahi robbil ‘alamin. Washolatu wassalamu ‘ala sayyidina Muhammadin wa ‘ala alihi washohbihi ajma’in. Amma ba’du. Para hadirin anu  mulia, salaku umat Islam geus sawajarna urang leuwih ngadekeutkeun ka Allah SWT jeung leuwih micinta Kangjeng Nabi Besar Muhammad SAW. Kabehanana eta samata-mata kanggo ningkatken kataqwaan urang ka Allah SWT. Ku cara kitu urang  bisa leuwih ngadeukeutkeun diri ka Allah SWT, bisa leuwih hade ngajalankeun parintahna sakaligus ngajauhan laranganana.

Para hadirin. dina bulan anu pinuh barokah ieu, urang perlu leuwih loba ngalakonan muhasabatun nafsi atawa instrospeksi diri, ngeunteungan sorangan. Utamana anu aya hubungan sareng ningkatkeun kualitas sholat urang sadayana, khususna sadaya ibadah. Sabab gues sakuduna urang salaku kaum muslimin kudu ningkatken kualitas diri jeng amaliyah, ibadah ka Allah SWT. Sakumaha pidawuh jungjunan urang sadaya;

”man kaana yaumuhu hoirun min amsihi pahua roobihun”

anu pihartoseunna saha wae jalma anu sae poe ayena leuwih hade tibatan kamari, tah eta jalma anu untung, batian mun dina dagang mah. Kacida Cilakana jalma anu amal poe ayeuna lewih goreng tibatan poe kamari, kacida rugi jalma anu amal poe ieu sarua jeung amal poe kamari. Hadirin anu mulia… Sabab amal ibadah sholat eta tolok ukur identitas jalma islam, makana sagala upaya, tarekah kango ngengengkeun sholat anu khusyu, ikhlas jeng makbul ka asup rangkaian ibadah. Sedengken sholat khusyu, ikhlas jeng makbul eta moal bisa ngawujud  lamun henteu ditunjang ku elmu. Ku lantaran kitu, Islam ngawajibken sadaya muslimin muslimat milarian elmu. Sakumaha pidawuh Kangjeng Nabi Muhammad saw:

Tholabul ilmi faridhotun ala kulli muslimin walmuslimat

Anu pihartoseuna “milarian elmu teh eta fardu piken muslim lalaki jeng muslim awewe”.

Fardu di dieu fardu ain, anu teu bisa digantian ku batur seperti sholat berjamaah jeng ngurus mayit. Dina hadits anu sanes dicarioskeun, “Teangan elmu sananjan nepi ka nagri Cina”.

Hadirin anu mulia…

Lamun ku urang dititenan leuwih jero, naon sabanna Rasulullah SAW ngahubung-hubungken elmu jeng Cina? Aya kapentingan naon ? Aya maksud naon baginda Rosululloh SAW ngabahas  Cina?

Hadirin sadayana.

Umat Islam karek sadar waktu parentah sholat mimiti diwajibken. Ternyata seeur pisan sarana jeng prasarana anu ngadukung kana ibadah sholat anu khusyu. Sabab ibadah sholat ngandung syarat jeng rukun. Tah urang moal terang kana perkara rukun jeng syarat sholat lamun teu rajin ngaji elmu sholat. Sedengkeun masalah syarat eta aya hubunganana jeng alat atawa materi.

Hadirin anu mulia…

Waktu sholat diwajibken, salah sahiji syaratna kudu nutupan aurat. Nutupan aurat eta kudu ku kain, jeng dina waktu harita sekitar taun 621 Masehi, hiji-hijina nagara anu ngahasilken tekstil kain ngan kur negri Cina. Tah eta sababna pangna Rasulullah SAW ngahubungkan kawajiban nuntut elmu ka nagri Cina.

Hadirin…

Bulan Rajab, di mana urang nyorang ti taun ka taun. Jeng teu ukur nyorang wungkul, urang sadayana salaku kaum muslimin saestuna nyambut ku kuperingatan-peringatan, pangajian-pangajian anu dikaitken jeng uraian sholat. Tapi naha nya, ku datangna bulan Rajab ieu kur ngaliwat kitu wae???

Tangtu henteu. Sabab anu leuwih penting kanggo urang sadayana nyaeta ngalenyeupan makna ibadah sholat supaya dilakonan dina hirup sapopoe.  Nalika sholat diwajibkeun kudu khusyu, maka dina ngalakonan pagawean naon wae urang oge kudu khusyu. Soson-soson dina milampahna. Salian ti eta, sholat disyaratkan kudu beresih tina hadats, maka dina ngalonan naon wae oge kudu beresih tina kabohongan, henteu korupsi jeng teu dzolim. Lamun pagawe henteu korupsi waktu, jeng lamun dunungan henteu ngagawekeun pagawe sangeunahna.

Masih seeur hikmah sholat anu perlu ku urang diteuleuman anu jero. Hayu urang laksanakeun makna sholat di luar sholat. Mudah mudahan urang sadayana dipaparin kakuatan, pituduh jeung pitulung  ti Alloh SWT, aamiin.

Sakitu anu tiasa kapihatur. Hapunten bilih aya kalepatan. Mudah-mudahan aya manfaatna…

Aqulu qouli hadza astaghfirullohal azdim. Wallohul muwafiq ila aqwamit thoriq.

Wassalamualaikum warahmatullohi wabarokatuh.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Situs ini menggunakan Akismet untuk mengurangi spam. Pelajari bagaimana data komentar Anda diproses.