Lompat ke konten
Beranda » Pidato [Sunda] Menyambut Ramadhan 2 ❤

Pidato [Sunda] Menyambut Ramadhan 2 ❤

Assalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh

Pak Camat jualan tomat
Yang beli harus hormat
Lamun ngaku umat nabi Muhammad
Ngajawab salam kudu semangat.

Daun Honje Daun salam
Teras di minum Siap saji
Nu ngajarawab salam
Mugia sing seuer rizki.

Ramadhan tiba, Ramadhan tiba, Ramadhan tiba
Marhaban Yaa Ramadhan, Marhaban Yaa Ramadhan, Marhaban Yaa Ramadhan, Marhaban Yaa Ramadhan

Hadirin anu dipikahormat, hayu urang sami-sami manjatkeun puja sareng puji ka hadirat Alloh Subhanahu Wata’ala.

Anu mana tos masihan ka urang sadayana hidayah sareng rahmatna, sehingga tiasa ngumpul ngariung di tempat ieu.

Oge teu hilap sholawat sareng salam urang curah limpahkeun ka kanjeng Nabi Muhammad Sholallohu ‘Alaihi Wasallam.

Mugi-mugi urang sadayana kengeng syafa’at di yaumil akhir Aamiin Yaa Alloh Yaa Robbal ‘Alamin.

Hadirin anu dipikahormat, teu karaos tina puasa taun kamari, ayeuna tos bade puasa deui. Tah urang teh kudu bungah ku ayana datang bulan suci Ramadhan.

Sabab, dina bulan Ramadhan ieu, pahala dilipatgandakeun, panto ampunan dibuka salebar-lebarna, tah di bulan Ramadhan oge nyaeta ajang urang nyeueurkeun kana ibadah.

Lamun ditilik-tilik mah sok pangbungahna mah barudak leutik, loba alesanna mah, boh bungah ku ngabuburitna, atawa bade kengeng acuk lebaran.

Ngan teu saeutik kolot oge ari puasana acan, ari taeun tos meser acuk lebaran, tos naroskeun THR deuih.

Yeuh, urang bade lebet puasa teh kudu dibekelan ku elmu anu cukup, sapertos syarat puasa, rukun puasa, sareng pabatalana.

Ulah nepikeun ka kieu, aya budak nanya ka indungna, “mah ari kaluar cai panon batal teu puasana? henteu ujang teu batal, emang kunaon kitu? Alhamdulillah, henteu mah ieu ujang bieu ngadahar rujak lada teuing”

Tah, dina puasa mah kudu tahan godaan, boh babaturan ngajak godin, atawa sajabana, tong kabitaan ku bonteng di kebon, abong euweuh nu apaleun cekruk cekruk meni ngeunah ngadahar bonteng.

Yeuh, saestuna puasa teh diparentahkeun ku Alloh seperti anu ditetelakeun dina Al-Qur’an surah Al-Baqarah ayat 183, anu hartosna:

“Hei jalmi anu ariman, diwajibkeun ka aranjeun puasa sapertos anu tos diwajibkeun ka jalmi sateuacan anjen sadayana, supados janten jalmi anu bertakwa,” (Q.S Al-Baqarah : 183).

Urang kudu getol ibadah, sareng kudu ngalakukeun amal, da di bulan puasa ieu bakal dilipatgandakeun pahala setiap amal urang, saperti pidauh Rosul:

“Setiap amalan kebaikan yang dilakukan oleh manusia, akan dilipatgandakan dengan sepuluh kebaikan yang semisal hingga tujuh ratus kali lipat,” (HR. Bukhari).

Ngan lain hartina dilipatgandakeun urang teh ibadah jadi saeutik, da bakal dikali loba, biasana sodakoh dua rebu, abong puasa sodakoh teh jadi sarebu.

Da sarebu oge pahalana dikali lipat jadi loba, kuduna nambah jadi lima rebu, lain ngurangan.

Jeung dina nalika urang puasa di bulan ieu bakal kengeng ampunan sagala rupa dosana sapertos pidauh Rosul:

“Sing saha anu puasa Romadhon karna iman jeung ngaharepkeun pahala, maka dihampura sagala dosana anu baheula,” (HR. Bukhari).

Lebar pisan lamun urang teu bersungguh-sungguh ningkatkeun jeung nyeueurkeun ibadah di bulan anu barokah ieu, padahal pahala ibadah dilipatgandakeun, lawang hampura dibuka salebar-lebarna.

Urang kudu sumanget, kumargi bulan Romadhon teh datangna ngan kur sataun sakali.

Mumpung urang masih keneh dipasihan umur anu panjang tur barokah ku Alloh, pergunakeun kasempatan ieu kango ngamaksimalkeun kana ibadah.

Aninten tangkal saninten
Jadina di parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan

Saninten buah saninten
daun ganyol di alaan
Hapunten abdi hapunten
sok banyol kamalinaan

Mung sakitu anu tiasa ku sim kuring dicarios, Wassalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh

sumber: depok.urbanjabar.com

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

This site uses Akismet to reduce spam. Learn how your comment data is processed.