Lompat ke konten

Contoh Teks MC Maulid Bahasa Sunda

Contoh 1

Assalamualaikum wr. wb..

Para hadirin, saderek sadaya anu di mulyaken ku gusti Allah ta’ala. Para alim ulama, para kiai, bapak kuwu sareng pamong desana. Langkung tipayun, hayu urang panjatken puji sinareng syukur ka Gusti nu maha suci, dimana anu tos maparingan ka urang sadaya sagala kanikmatannana, terutami nikmat iman sareng Islam kaurang sadaya.

Sholawat sinareng salam urang sami-sami panjatken ka jungjungan urang nabi Muhammad SAW, nu tos nyandak urang sadaya kana jalan kaleresan.

Salajengna, sim kuring ngawakilan (…) ngahaturken nuhun ka para saderek sadaya nu tos tiasa sumping rurumpahen di masjid ieu, piken nyomponan uleman dina raraga Maulid Nabi Muhammad SAW, mugi kasumpingan bapak sadayana nyandak kaberkahan kanggo urang sadayana, amin.

Teu hilap sim kuring ngahaturken rewe rewu nuhun laksa kabingahan ka para tatanggi, para dermawan, nu tos sami sami ngarojong, ngabantos moral, atanapi materilna, terutami nu tos ngabantos mangrupi jamuan, janten acara maulid nabi tiasa dilakasanaken di mesjid ieu.

Sateuacan nincak kana acara pokok, sim kuring nuhunkeun dihapunten, ka para undangan sadayana bilih dina panghormatan, sajian, atanapi leetennana kirang mernah kana manah, kirang cocok kana hate, da mung sakieu ayana.

Dupi kanggo ngesi acara Maulid ieu sakumaha biasana, nyaeta bade di aosken riwayat nabi dina kitab AlBarjanji, nu bade di aos ku bapa (…) sareng rerencangan, mugi urang sadaya nu ngadanguken, nu ngabandungan ie riwayat kenging safaat ti rosulallah di dunya atanapi di akheratna. (Amin)

Mangga nyanggaken ka bapa (…) nu bade maosken Kitab Albarjanji. Cekap ngan sakitu wae anu tiasa ku sim kuring tepikeun, wasaslamualaaikum wr. wb.

Contoh 2

Assalamualaikum wr wb.

Alhamdulilahirobil alamin wasolatu wasalamu ala asrifil anbiyai wal mursalin wa ala alihi wasoh bihi ajmain (amma ba’du).

Hadirin anu dipikahormat para alim ulama, para juama, para hujajul ustad miwah ustadah, anu ku pribados di pikahormat anu insya alloh aku alloh di mulyakeun. Oge anu dipikahormat para aparatur pemerintah beserta jajaran jajaranna anu kusimkuring dipikahormat anu insya alloh ku alloh di mulyakeun.

Oge teu hilap ka bapa bapa ibu ibu warga sadaya anu ku pribados di pikahormat anu insya alloh ku alloh di mulyakeun. Tina saba’dana simkuring nyanggaken tahiyatul islamiyah anu jadi kahurmatan puji miwah syukur urang sanggakeun ka alloh swt.

Anu alhamdulilah kalayan takdir timantena urang sadaya tiasa ruing mungpulung patepung lawung patepang wajah dina raraga meieling kana sasih dilahirken nana junjunan urang sadaya nyaeta kangjeng nabi Muhammad SAW.

Anu mudah mudahan ieu riungan teh sing ngajantenkeun hiji wasilah ngengingkeun safaatul udma dina poe kiamah amin ya alloh ya robal alamin. Oge rohmat miwah salam mugia salalamina dicurah tur dilimpah kapaduka rosul wastana kangjeng nabi Muhammad SAW.

Teu hilap ka para keluargana sahabatna, tabiina, oge mudah mudahan eta rohmat teh dugi ka urang sadayana amiin ya alloh ya robal alamin.

Alhamdulilah Sim kuring ngadeg di payuneun hadirin teh wirẻh kapancẻnan salaku panata calagara bade ngadugikeun sababaraha acara anu baris kasanggakeun, nyaeta di antawisna:

1. Bubuka
2. Pembacaan ayat suci Al-Quran
3. Pembacaan sholawat nabi
4. Taushiyah
5. Doa jeung panutup

Hadirin sadaya anu ku sim kuring dipihormat.
Supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga ieu acara urang buka wae ku ngaos basmalah sasarengan.

Bismillahirrahmairrahim..

Alhamdulilah ieu acara atos kurang sadaya dibuka, tah kangge acara salajengnna urang langsung wae ka acara nu kadua, nyaeta pembacaan ayat suci Al-Quran. anu baris didugiken ku pangersa…., waktos sinareng tempat disanggakeun.

Hatur nuhun ka pangersa….anu parantos ngalantunkeun pembacaan ayat suci Al-Quran. Nincak kana acara katilu, nya ẻta pembacaan sholawat nabi anu baris di dugiken ku grup… Sumangga grup…waktos sinareng tempat di sanggakeun.

Alhamdulilah pembacaan sholawat atos didugikeun. Urang langsung wae kana acara salajengna acara ka opat tausiyah islamiyah anu baris di dugiken ku pangersa…. Sumangga ka pangersa ustadz … waktos sinareng tempat di sanggakeun.

Hatur nuhun ka pangersana…. anu parantos ngadugikeun taushiyahna. Mudah mudahan elmuna manfaat kangge urang sadaya aminn ya robal alaminnn

Alhamdulilah kangge acara anu terakhir nyaeta acara penutup nyaeta pembacaan doa anu bade di pimpinn ku pangersa…Mangga pangersa ustad… waktos sinareng tempat di sanggakeun.

Alhamdulillah acara tikawit dugi ka ahir parantos rengse. Mangga urang sami-sami tutup wae ku aosan hamdalan sasarengan. Alhamdulilllahirabbilalamin. Wasalamualaikum wr wb.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Situs ini menggunakan Akismet untuk mengurangi spam. Pelajari bagaimana data komentar Anda diproses.